Sabtu, 23 April 2022

LANGKAH PARATOSAN HIRUP.

[21/4 23:35] Aing: 

LANGKAH PARATOSAN HIRUP.

As’weuruh wisesa 
nu ngancik dina raga Muhammad saw
anu teu sami diantarana.

Jeung Muhammad 
kaula hak nanya ka andika :

andika saha: dzat manusa
timana:  ti kudratullah
rek kamana: rek kapasar. 
                       allah
naon nu dibawa:  tugas anu 
                               tilu
naon anu mawa:  eling

jeung Kamana andika 
balik:     ka kudaratulloh

saha nu diluhuren 
andika:    malaikat sewu

saha nu dihandapen 
andika:     sahabat opat

saha ditukangen 
andika:    indung anu 
                 nyangking
saha diharepen 
andika:    bapa anu ngayuga

saha di katuhueun 
andika:       balad sakeuti

saha dikencaeun 
andika:       balad sakeuti
saha ari andika: wujud 
                             manusa
agama naon 
andika:    nyembah guru/ratu
naon ari agama: cecekeulen 
                              manusa
kumaha ari wujud 
agama:       rokhman rokhim
saha anu mere agama: rosul anu ditugasken kugustina
jeng iraha andika dibere agama:   sirulloh nu 
                 parentah agama
naon ari hartina agama: 
                 cecekeulan
naon tujuan agama: 
               tri suci raga suci
nyaho ari andika ka kaula:       
               teurang
saha ari kaula: 
kudrat pasti rosululloh
saha ari indung bapa kaula: anu nangtung dina cahaya tunggal wujud hirup
dimana ari kaula dititisken: di handapen kayu camara bodas
jeuneng naon ari kaula: 
ratu adil imam mahdi
utusan saha ari kaula: utusan gusti
mawa naon ari kaula: 
mawa tugas ti gusti
jeng arek naon kaula datang ka andika: rek nanya
ayena kaula jeng andika ker aya dimana: 
aya dipasar allah, 
alun-alun Muhammad
saha anu aya, 
sama aya, 
dzat aya:
kun

jeung dimana anu aya samemeh aya: 
dina aya moal eweh

mana aya manusa: 
gerak nukawasa

nyaho andika kana dzat: nyaho
[21/4 23:41] Aing: nyaho andika kana dzat: nyaho
mana nyatana dzat: hirup
naon kadaharannana dzat:   eling
saha anu masihan dahar kana dzat : 
sir budi cipta rasa
di mana tempat dahar dzat: dina rasa
nyaho andika kana pakean dzat:     teurang, welas asih

saha indung bapa dzat: nunangtung ngalagena putih
jelema lain ari dzat: lain(wujud manusa)
saha imam andika: 
ratu adil imam mahdi
naon hartina imam:
anu nuduhken kanu tilu
sabaraha ari imam: 
aya opat
nyaho andika kana imam: teurang
dimana ayana: nungagaweken Muhammad
keur naon gawena ayeuna: keur dipaparin tugas ti gusti
kunaon andika bias teupang jeng kaula: 
ku tugas gusti anu diparentahken kakaula

saha anu nepangken andika jeung kaula: 
sir budi cipta rasa

arek mere naon andika kakaula: 
arek mere gawe

jeng naon andika kakaula: rek masihan anugrah mulya

rek naon andika kapasar: 
rek balanja

nyaho andika kapasar: teurang

balanja naon: 
balanja kapasar eling

datang kapasar, 
kasaha dipasrahkennana: 
ka rasa

saha anu narima: Muhammad

mana imam andika: pancadria wujud tangtungna
[21/4 23:44] Aing: aya naon di jero wadah andika: 
aya tujuh wadah
sabaraha korsina: 
hiji kudrot pasti
sabaraha jandelana: opat
naon ari jandelana: amarah,sawiyah, 
lowamah, mutmainah

sabaraha pantone: 
aya opat. 
Tukang. Hareup. 
Kenca katuhu

alhamduulilah

naon timbangan: 
imam

naon hateupna: 
dua kalimah sahadat

naon dadamparannana: lahaola walakuata hirup

naon susukna: 
taohid

naon pakuna: 
ma’rifat

naon dapurna: 
nyawa

naon hawuna: 
roh

naon seengna: 
napas

naon asepannana: 
papasten

naon dulangna: 
jasmani

naon hihidna: 
mutmainah

naon bobokona: 
nuhade nugoreng ti alloh

naon pangarihna: 
latiful qolbi

naon piringna:
kadaharan

kamana rek balikna imah andika:
ka kun

nyaho andika ka imah kaula:
teurang

dimana imah kaula:
di kun

kamana nyangharepna imah kaula:
ka payun

naon eusina imah kaula:
kudrot pasti rosululloh..

          Wassalam